WELCOM IN MY BLOG AND THANK YOU FOR YOUR VISIT

Label

Sabtu, 21 Januari 2012

pidato bahasa sunda

judul : MIELING SILATURAHMI HALAL BIHALAL


Assalamualaikum. Wr.Wb
       
            Langkung tipayun ngahaturkeun nuhun ka sadaya panitia anu parantos masihan waktos ka simkuring kanggo ngadugikeun biantara dina acara mieling silaturahmi halal bihalal ieu.
            Puji sinareng sukur urang panjatkeun ka Gusti Allah SWT, anu parantos nangtayungan urang sadaya tiasa riung mumpulung, paamprok jonghok, patepang raray dina dangeut ieu.
            Para wargi sadaya,
Alhamdulillah urang sadaya parantos ngajalankeun salami sasasih dina Romadon kamari. Boboran parantos kalangkung, ayeuna urang halal bihalal, kanggo silih ngahampura kalepatan, sareng silih meresihkeun hate urang sadaya. Lir ibarat kertas anu masih ngeplak bodas teu aya coret-coretanna, ibarat orok anu nembe di lahirkeun ka dunya ieu masih keneh bersih suci.
           Sim kuring ngucapkeun Takobalallah huminna wamingkum siamana wa siamakum minal aidzin wal faidzin hapunteun lahir sinareng bati. Mudah"an wargi sadaya tiasa ngahampura kana sagala kalepatan simkuring anu di haja sareng anu teu di haja, anu katingali sareng anu teu ka tingali. Margi nganjalmi anu mulya anu tiasa ngahampura kana sagala kalepatan batur, simkuring oge sami bilih tea mah wargi sadaya aya kalepatan ka simkuring, parantos ku simkuring di hampura oge.Dina ayana acara anu mulya ieu hayu urang langkung pageuhkeun tali silaturahmi, langkung rakeutkeun dudulran urang. Mugi Allah SWT mikaridho kana acara anu mulya ieu.
aminnn...!!!
           Rupina mung sakieu anu kapihatur, hapunteun bilih aya kecap anu kurang merenah dina manah, hatur nuhun kana kasumpinganna para wargi sadaya.


Wasssalamulaikum. WR. Wb

Tidak ada komentar:

Posting Komentar